#NetWamini_awing
Lampah Teunggeu.
(Gurisa)
Teunggeu na tuntung awi celenggeu
Leungit jinis nu sayakti
Mindah warna nu sampurna
Ginding sakti di buana
Kagurat mangsa nu tohaga
Dipilucu di marcapada
Pindah ka alam buana tengah
Néang dukuh talun matuh
Bulak-balik milampah tempat
Dunya caang murup-mubyar
Tapak alam kasampurnaan
Siloka alam kanapsuan
Ngambang dina pataruman
Mancala putra mancala putri
Heuleut beurang heureut puting
Unggal mana unggal mendi
Disipuh mangtujuh-tujuh
Kedap manglima-lima
Ngawengku ka alam tujuh
Tujuh umpak-umpakanana
Datang ciptaning sajati
gayugakeun kadunyaan
Datang kadigjayaan rasa
Digjayana sabdaning kusumah
Medal wayah ninggang mangsa
Di buana panca tengah
Waras waluya panceranana
Tironan alam sajati
Mulang rasaning rasa
Tiis tintrim paripurna
Amit ngahiang kilat panjang
Sasat béda nya ringkangna
Béak kecap béak tulis
Béak pingaraneunana
pileuleuyan janur gunung
neda agung nyaparalun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar