Lukisan

Lukisan
Lukisan. Mahakarya_NYA Yang AGUNG, tak seorangpun yang dapat menyamai.

Sabtu, 18 Maret 2017

#NetSajak_Awing (Sajak Sunda)

Balé Sawala Cisanti

Mihapé raga sakedap rék ngalenyap sakerejep di puseur peuting
Sabot saré ieu bugang geus nyangsaya di kulah sédong
Nu nyangkerodong lebah liang panonoban sandékala
Dironom onom di riung careuh jeung ganggarangan
Teu kungsi lila ngéng kadéngé aya gentra nu saru jeung
sora mariem di Paléstin

Mihapé leuweung Kula ulah digunasika!
Aweuhanana sanggup ngagéré ceuli badak budeg nu pareng ngaliwat
Ngarungkadkeun catang jeung pangpung maruragan
Hirup manusa mung sarénghap ambekan jeung sajeungkal taneuh beureum
Angen-angen manusa sarakah taya béakna lir alam kubur nu tara pinuh-pinuh
Leuir pati lalaunan ngadeukeutan alam kubur nu hamo méré lolongkrang

Ngaruang sésa-sésa kahayang nu nyaliara ka saban lulurung
Nu baris ngaluluh bugang nu kalimpudan getih jeung nanah
Tulang-taléngna  nu locot  témbong lalocotan hiji-hiji 
Paténgtongan pabaur jeung tulang ajag bangbarongan
Ngahunyud balitungan bauna nyangreud hégak
Digulung taneuh beureum pabaur taneuh pétrun

Usum ngijih can kasilih usum dangdangrat can kaliwat
Meupeuh cadas jebul Cikahuripan langgeng ti cungap
Ngocor ngahuluwotan ti handapeun caringin rungkad
Mun kaduga seja ngalongok kebon kanari pelak kamari
Ngalanglang tangkal kondang nu tacan ka ijir pijangkungeunana
Ngaroris sirung rungkun mapay-mapay gebay akar kiara

Miara areuy-areuy gulantungeun owa jeung lutung
mapag gebur balébat luhureun makota Gunung wayang
Geusan nyambuangkeun katingtriman tujuh sirah cai
Ngalawungkeun asih bumi jeung langitna
Ngahiliwirkeun angin nyingraykeun halimun jeung cireumis

Pikeun mépéndé jemplingna Situ Cisanti ratusan windu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar