Lukisan

Lukisan
Lukisan. Mahakarya_NYA Yang AGUNG, tak seorangpun yang dapat menyamai.

Rabu, 18 September 2013

Kanyaah : Ka Pamajikan.


Seratan ieu ngahaja keur pamajikan Kuring. 
Eni Setiani.
Keur Indung jeung Bapa Kuring.(alm)
Keur Indung jeung Bapa Mitoha Kuring.(alm)

Rundayan carita mangsa harita, masih natrat dina rasa.
Tatali asih nu meungkeut pageuh, nepi ka kiwari tetep euntreup
Panceg Dua puluh lima taun, ngawangun sagara rumah tangga nu ku urang duaan geus disorang. Teu lewang najan halangan-harungan sok remen datang. Kasatuhuan jeung Kasatiaan anjeun nu jadi cukang pancegna ieu tihang. Tetep nanjeur, ngembang layar. Teu gedag. Moal galideur, najan angin puyuh narajang. Nyemprung meulah lambak, ngajugjug daratan kabagjaan nu pohara gedéna.
Katresna. Kanyaah. Kadeudeuh lain ukur kalangkang jeung pupulasan. Ulah salempang. Geulis, moal luntur ku Cihujan, moal laas ku panasna angkara murka. Moal lééh ku sérabna sarangéngé. Mugia kabahagiaan nu geus ngancik dina sanubari, tetep renggenek. Masing ati-ati. Masing tarapti ngajagana, ulah keuna pangbibita sorga Dunya. Sangkan kalungguhan urang dina lalakon kahirupan laki rabi ieu. Urang tetep aya dina kawaluyaan.

Poma ulah diFoto Copy, mun taya saizin ti nu nulis


Tidak ada komentar:

Posting Komentar